Iklan 8

Kamis, 29 Juli 2021

Carita Sunda: Nu Galécok dina Témbok

Foto ilustrasi/mangle Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga CAKDEUNG (cakcak hideung) nganjang ka imah gedong sigrong, dibawa ku si Cakdas (cakcak bodas). Teuing ku nanahaon si Cakdeung kalah olohok, kawas hayam panyambungan. Meureun barieukeun duméh réa tetempoan ararahéng. Tuman nguprek ulukutek di imah panggung nu sarwa walurat. "Ambuing-ambuing, karaton wé sugan ieu mah. Paingan manéh mani betah," si Cakdeung muka wangkongan. Duanana tingdaraplok dina témbok. "Betahna mah betah da puguh enya loba tetempoan nu arahéng. Tapi lebah hakaneun mah jugala kénéh ilaing Deung euy!" témbal si Cakdas semu ngahelas. "Anéh bin kagét binti hémeng déwék mah piraku deui di imah sakieu agréngna manéh kurang hakaneun?" "Nya ari keur nu bog imah mah puguh wé jugala, carék paribasana lubak-lbuk réa lobak teu kalebok! Da puguh heueuh harta banda ceuyah bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah! Keur sayah mah angger wé ripuh lur!" "Teu percaya aing mah!" "Tempo wé ku di dinya na aya ramat? Na aya rametuk? Na aya reungit? Lebeng! Sakieu sarareungitna da diberesihan unggal usik!" si Cakdas ngajéntrékeun. "Heueuh nya! Tapi naha atuh manéh mani betah bumén-bumén jeung bisa hirup batan sakieu waluratna?" ** "IH ari sual rejeki mah Deung euy teu weléh aya sok asal urang daék ihtiar. Ulah éléh ku hayam najan ku dunungan nu ngukutna geus diancoan parab ih keukeuh wé hayang ngencar bari teu burug kokoréh taya reureuhna," ceuk si Cakdas, bari pok deui neruskeun cumarita. "Angot urang teu disayagian parab da lain sato ingon-ingon nu boga imah, nyiar kasab téh kudu enya-enya toh pati jiwa raga. Nya berekah najan di unggal lalangit gedong sigrong ieu taya kadaharan déwék, ari leukeun kurutuk-karatak ka parana mah kadaharan déwék téh aya da geuningan gedong sigrong gé ari parana mah sarua wé jeung imah basajan séjénna tara pirajeunan di beresihan." "Heueuh nya adil Gusti mah. Nyipta mahluk hirup dibarengan jeung rejekina téh da jeung saenyana. Karasa ku urang-urang. Dipikir mah urang leuwih untung batan jelema nya, Das?" "Untung lebah manana, Deung?" "Heueuh geuning mindeng kabéjakeun jelema mah loba nu baroga hutang alatan réa pangabutuh! Geuning nepi ka aya kacapangan hutang salaput hulu. Ari urang-urang? Sabalangsak-balangsakna gé, berekah tara kabéjakeun baroga hutang boh leutikna boh gedéna! Ari jelema mah tong boro kasebutna rahayat nu malarat rosa dalah nagara gé kabéjakeun loba hutang ka ditu ka deu. Bayareun anak incu manusa, bari dina emprona mah duit meunang uclak- éclok téh tepi ka rahayat mah ukur satai kuku gé biheung da gegedéna mah cenah ku mangkeluk nu ngaran koruptor! Rahayat mah angger réa nu balangsak katalangsara!" ceuk si Cakdeung. ** "GEUNING étah ilaing paséhat kana urusan pulitik, Deung?" "Ih, hideung-hideung gé uing mah tara tinggaleun lalajo TV ngadéngékeun wartos-wartos nu parenting, manasina ilaing lalajo TV téh kana sinétron wungkul!" "Heueuh alus, kudu reformasi, ulah katinggaleun ku jelema ari jadi cakcak!" "Cakdeung téaaa...!" si Cakdeung beukah irungna dipuji téh. "Bener pisan omongan ilaing téh Deung! Uing sok ngabandungan nu boga imah agréng ieu, tétéla geuning gedong sigrong téh ladang anjuk hutang. Anéhna téh sok luhlah waé nyebut réa kakurangan itu kakurangan ieu!" si Cakdas comél. "Kutan téh?" si Cakdeung kekecrék. "Kalah awéwéna mindeng ngalamun, hulang-huleng tapi bari gumeulis da cenah kasepian mindeng ditinggalkeun ku salakina nu teu weléh dudunya, nepi ka dug hulu pet nyawa. Nya antukna mah awéwéna téh sok salingkuh!" si Cakdas beuki célémbéng, nguar-nguar rusiah pribadi nu boga imah. "Naon salingkuh téh Das?" "Ih kuper geuning ilaing mah Deung? Ngaku wé monitor satia warta berita TV, tapi teu nyaho salingkuh-salingkuh acan! Ari salingkuh téh salaki atawa pamajikan bobogohan deui jeung nu séjén. Siga awéwé nu boga imah ieu, manéhna téh disebut pamajikan da geus dikawin ku saruang lalaki. Ceuk hukum agama, samangsa-mangsa geus katalian tikah teu meunang nyolowédor alias salingkuh jeung nu séjén. Nu kitu téh heueuh salingkuh téa, hukumna haram, dicaram ku Gusti!" si Cakdas norowélang tablég. ** "JADI lamun hayang sapatemon téh jelema mah kudu kawin heula nyah?" "Enya kudu kawin atawa nikah heula, kakara sah!" "Heueuh apan ari urang-urang mah lamun hayang kikituan téh ka saha wé asal 3 S, lin?" "Naon tilu S téh?" si Cakdas giliran ngabigeu. "Sarua geuning manéh gé kapur, éh kuper! Bisi teu nyaho tilu S téh hartina suka sama suka, moal jadi urusan siga jelema nu kaperego keur salingkuh digerebeg hansip." "Enya kitu! Tah...lampah urang-urang siga kitu téh ditarurutan ku jelema. Maksud téh heueuh sapatemon sakarepna teu inget kana papagon halal-haram ceuk agama. Malah cenah mah geus ngabudaya, lain waé kolot, barudak ogé loba nu tigebrus kana dunya peteng kitu téh!" si Cakdas hatam pisan kana urusan kikituan téh bubuhan mindeng nempo di imah sigrong nu dicicinganana. "Asa teu percaya uing mah Das euy ari jelema geus beunghar kieu masih kénéh mangnyéléwéngkeun mah!" si Cakdeung cangcaya. "Hih, manéh mah! Bisi teu percaya yu urang asup ka kamar nu itu. Di jerona aya nu keur salingkuh, enya awéwé nu boga imah ieu jeung lalaki kasép ngora kénéh!" "Ah si kasebelan, ngajak ngintip nya? Embung ah!" Si Cakdeung api-api soléh padahal banget panasaran hayang nyaho. "Cenah tadi manéh teu percaya! Bisi hayang ngabuktikeun wé uing mah lain ngajak ngintip. Barina gé urang-urang mah teu kudu tuang-toong untap-intip nu keur kikituan bari bujur kokompodan sieun kaperego da masing ngilu ngarayap dina kasur ogé moal dianggap ieuh." ** "Heueuh bener. Jelema téh percayana, sieunna, ku jelema deui. Disangkana mahluk-mahluk séjén mah taya harti. Heueuh jelema nu ceuk ilaing salingkuh téa pangrasana téh aman wé caricing di jero kamar paduduaan téh teu éra- éraeun ku urang-urang. Teu saladar kana paningal Gusti nu teu aya hahalang!" "Enya kitu pisan Deung! Alatan iman ka Gusti dimomorékeun, réa jelema nu lalampahanana siga urang, siga sato. Ari sabangsa urang mah aya pantesna rék kitu rék kieu gé da teu kauger aturan Gusti nyatana agama. Urang-urang mah teu kagolongkeun mahluk mulya siga jelema. Nu matak di bangsa urang mah taya basa éra, euweuh kasieun, rék sapatemon jeung sasaha gé najan jeung indung atawa anak pisan moal aya matakna deuih. Tapi jelema nu taya kaéra taya kasieun ku bebendon Gusti, ngalajur napsu ngumbar sahwat, rucah, tina laku teu eucreug kituna téh baris ngundeur kagoréngan. Keur dirina baris numpurkeun kamulyaan jeung bakal ngancurkeun turunanana. Nu pasti mah bakal jadi suluh naraka jaga di ahérat lamun teu buru-buru tobat!" "Iy.....amit-amit sararieun," si Cakdeung ngabirigidig. "Ku naon manéh Deung ngabirigidig kitu?" "Éta sieun ngadéngé jelema doroka dijieun suluh naraka, tada teuing génghékna." "Emh, mun jelema nu boga kasieun kitu téh meureun dunya aman." "Enya kuduna mah uing jadi jelema." "Si, nanaon téh. Ari jadi mahlluk ulah sok nampik kana takdir mungpang kana kadar, pamali. Mending hayu ah urang ngabuktikeun nu keur salingkuh téa. Tuturkeun uing!" si Cakdas ngajak sobatna, laju muru kamar nu di jerona aya dua insan lalaki jeung awéwé keur guley nyacapkeun kasono. Sup dua cakcak cunihin téh ararasup ka jero kamar, tingkarayap dina tembok. Nu keur guley angger maceuh, silih tamplokkeun birahi asih asmara motah. Si Cakdas jeung si Cakdeung silih pelong, gogodeg bari tingkalacrék. Lain kabita, da lain dunyana. Tapi manglebarkeun ku paripolah dua insan nu teu sadar kana dirina yén paripolah rucah téh aya nu nyakséni, lain sakadang cakcak nu memang aya pantesna teu diharegaan ogé , tapi Gusti Alloh Nu Maha Ningali. (réngsé/ieu seratan parantos dimuat mangrupi carpon dina majalah Sunda Manglé no. 1981, ping 9 September 2004) **

CARNYAM SARWA "A", Gara-gara Randa Anyar (5) Nyacampah Garwa

Foto: kreasi Dola AI "Haaaar.....naha kalah ngabarakatak?" "Nya ngabarakatak Bah, masa Abah-abah ngajakan garwaan...