Iklan 8

Jumat, 28 Juni 2024

Carita S É N

KECAP 'sén' dina basa Sunda bawirasa nyoko kana duit nu kiwari haregana geus ngahiang alias geus tara diparaké deui.

Tapi lamun kecap sén dikantétkeun jeung 'dok' nya jangélék jadi séndok, siga dina poto  kuring keur nyepengan séndok nalika dijajanan baso ku si cikal di lemburna, anyar-anyar ieu.

Lain ukur 'sén' jeung 'dok' nu dikawikeun téh, loba deui kecap séjénna, siga sén+ti = sénti. Ku+sén= Kusén (ngaran jelema) jeung kusén, kai nu dijieun keur ngalengkepan imah boh panto boh jandéla.

Aya deui pere jeung sén = peresén.

Aya carita ngeunaan peresén téh nyaéta basa Jang Kusén dihiras ku Pa Haji Hasan, terus ditanya ku Mang Dana.

"Diperesén naon ku Pa Haji dihiras téh, Sén?"

"Wah teu diperesén nanaon, Mang. Teu sasén-sén acan. Hanas mani giak da sugan téh rék diperesén anakna."

"Néng Sény?"

"Enya."

"Hahaaa.....tong ngimpi hayang meunangkeun Néng Sény ilaing mah Sén. Néng Sény mah  geus dicirian Ku Dén Sénsén nu sapopoéna jadi dosén."

Jang Kusén bati ngaheruk. ***

CARNYAM SARWA "A", Gara-gara Randa Anyar (5) Nyacampah Garwa

Foto: kreasi Dola AI "Haaaar.....naha kalah ngabarakatak?" "Nya ngabarakatak Bah, masa Abah-abah ngajakan garwaan...